Kampung Ramadan DA’I Peduli Cagak Nagreg

Sundanews.net ,- Nagreg Bandung Timur ,Seueur Jalmi dina Ramadhan 1442 ieu heunteu ngamumule ,kusabab katerbatasan Materi / naon wae alasanna loba pisan,aya nu sieun….. jeung sajabana, beda jeung ieu kampung, anu di luluguan ku ti DA’I peduli di ayakeunna di Masjid Atta’sis Jl. Cagak Desa Ciherang – Nagreg Nyaeta nyieun hiji kampung anu Hirup ku Suasana Islami dina bulan suci ramadhan taun ayena, nyandak Judul ” Ihya Ar Ramadhan” menghidupkan Ramadhan “
Kusabab ramadhan 1442 ayena masih dina masa pandemi ( Panyakit covid 19/ corona), panitia ketat pisan dina kadongkapan tamu boh ti kampung eta atawa tamu salianti kampung eta nyalira, Ti ngawitan ngacek suhu awak, nganggo hand sanitizer, nganggomaskeur , bahkan kanggo anu teu nyandak maskeur di sadiakeun ku panitia ti DA’I Peduli
Saur pa Atthur , Suasana Kampung Ramadhan Dai Peduli tiap dinteun di kawitan ku kagiatan Kuliah subuh, di teraskeun kuliah Dhuha, buka puasa bareung , shalat maghrib bareung ditutup ku shalat Tarawih Berjamaah. tiap dinteun anu ngisi kajian di ieu kampung ramadhan beda-beda anu ngisi kajian, aya ti kalangan Ustadz, Habaib, Artis Oge, anu istimewana aya dina hiji poe, dihadiri dulur- dulur ti SLB/YPKR Cicalengka.
05.00-06.30 kuliah subuh.
10.00-12.00 kuliah dhuha
Ditutup ngabagikeun tuangeun bergizi gratis
15.15-18.00 nasyid, bazar, ngabagikeun ta’jil jeung tuangeun gratis, ceramah
19.00 tarawih
Mudah- mudahan kaberkahan … Insya Allah kagiatan ieu masih majeung terus, pami dulur- dulur aya waktu kosong, mangga dongkap wae, Hadir ka Kampung Ramadhan DA’I peduli di Masjid Atta’sis Jl. Cagak Desa Ciherang – Nagreg .mugia Ramadhan ieu ngajanteunkeun ramadhan anu sae kanggo Urang sadayana. Aamiin Yaa Rabb , Jj/ sundanews.net
Mantap
sundanews.net / cakrabuananews