Hujan ageung anu ngaguyur jawabarat ngakibatkeun banjir sareung longsor di Sumedang

Cicalengka — sundanews.net – Akibat Hujan anu ageung ngaguyur jabar,kajadian banjir dimana wae,jl,Raya rancaekek tos tong di taros,wilayah bandung titik rawan banjir oge sami ulah di taros,di daerah sumedang kajadian hujan ageung di sareungan longsor
Anu ngakibatkeun Kapala Seksi Kadaruratan jeung Logistik Badan Pananggulangan Badan Daerah (BPBD) Kabupaten Sumedang, Yedi dilaporkeun janteun korban karuang longsor anu nyusul di kampung Bojong Kondang, Desa Cihanjuang, Kacamatan Cimanggung, Kabupaten Sumedang, Jawa Barat.
Nurutkeun informasi anu dikumpulkeun, kajadian eta anu ngenaan Yedi, kajadianna pas anjeunna nuju ngalakukeun evakuasi korban anu karuang material longsor di teumpat kajadian.
Kajelasan, Kang Yedi BPBD Sumedang kapendak tos Maot,” Saur Patugas Koramil Cimanggung
Budi nyaurkeun, jasad Yedi kenging,kapendak di cakeut mobil Ambulans, anu persis cakeut lokasi kapeundakna jasad Kasi Trantib Kacamatan Cimanggung, Suhanda.
Jelasna,Budi Nambihkeun , dugi waktos ieu korban anu maot akibat katutup longsor susulan, anu entos kapendak langkung ti 10 jalmi,namung anjeunna heunteu nyebatkeun indentitas korban anu maot.
“Korban Maot anu entos kapendak langkung ti 10 jalmi teh. sadayana janazah dipularasa di Puskesmas Sawah Dadap,” ucap Budi.
Sateu acanna teh diberitakeun, Aya Musibah tanah longsor di Desa Cihanjuang kajadianna dinadinteun siang. kajadian bencana akibat hujan ageung anu ngauyur wilayah Kacamatan Cimanggung. pas ngawitanna mah, dalapan bumi / Imah warga raruksak pisan akibat katutup longsor. Mung, karuksakan bumi nambih dina waktos longsor susulan dina Sabtu Wengi.
dina waktos kajadian longsor anu nyusul, sajumlah awak media oge anu ngaliput ka keunaan, tapi heunteu aya nu jadi korban kabujeung nyalamatkeun .mung tatu minor korban- korban media, dongkapna awak media sareung jeung rombongan Kapolres Sumedang, Tim SAR Basarnas anu nuju ngadata sareung ngaevakuasi korban. (kia/tam) — sundanews.net Jajang Jamaludin S.n
Pribados,Jajaran redaksi, sareung baraya Media Sundanews.net ngiring belasungkawa dina kajadian ieu ” BANJIR SAREUNG LONGSOR “ Sumedang,MUgia Allah Maparin kasabaran,Tawakal keluarga anu ka musibahan, Maparin Rahmat,Rahman Kanu ngantunkeun Aamin Allahumma Aamin