Tanjung Sari Belasungkawa( Akibat Rem Mobil Blong)

Cicalengka, Sundanews.net – ( 1/12/2020)-15.13.09 WIB ,Dugaan kuat kusabab rem blong mobil konteneur di Jalan Raya Tanjung Sari Jatisari kecamatan Tanjung Sari Kabupaten Sumedang Jawa Barat ,nubruk sababaraha Mobil , Motor jeung nu lainna anu ngakibatkeun lalu lintas macet total
Korban kacalakaan ieu anu maot di tempat 2 jalmi ,anu parahna sakitar 8 Jalmi di candak ka Puskesmas tanjung sari korban anu sanesna di candak ka Rumah Sakit nu lain,Bewara ti wartawan Sundanews.net , bilih aya anu ngarasa keluargana tadi ngalangkung ganggo kandaraan ka jalan raya tanjung sari eta,saenggalna milari info ka RS / Puskesmas Tanjung Sari – Iyan fitri herlana S.N