Candi Cangkuang Jeung Situ Cangkuang Garut

Garut -sundanews.net,Candi Cangkuang Anu Aya Di Kabupaten Garut.
Kaayaan objek wisata Cangkuang anu aya di ;Kampung Pulo ,Desa Cangkuang,Kecamatan Leles,Kabupaten Garut, mangrupikeun candi identik di daerah Jawa Tengah jeung Jawa Timur. tatapi,anu kanyataanna aya oge candi anu kapendak di Jawa Barat. Salah sahijina candi anu tiasa katembong utuh nyaeta Candi Cangkuang anu ayana di Kabupaten Garut.
CANDI CANGKUANG ABAD VIII,Kapendakna 9.12.1966,DI GALI 1967-1968 DI PUGAR 1972-1976,KUBALAI PALASTARIAAN CAGAR BUDAYA BANTEN. WIL-GAWE PROV BANTEN,DKI JAKARTA,JAWA BARAT JEUNG LAMPUNG
Fondasi candi ukuran 4,5 meter kali 4,5 meter, sareung luhurna saentos pamugaran nyaeta 8,5 meter. Bagian leubeut candi mangrupikeun tempat kanggo nyimpeun Arca Syiwa. Patunjuk ayana arca ieu ditulis di leubeut catatan arkeologi Balanda.kapendakna arca sarta candi ieu ngajadikeun buktos bahwa agama Hindu nyatana pernah menyebar dugi ka Jawa Barat.
Anu Mikat ti candi eta nyaeta tempatna sareung posisi eta candi ayana di pulau di tengah danau.Anu janteun pamikat wisata/pangunjung nu sanesna,Candi Cangkuang justru ngagaduhan Nilai sajarah penyebaran Islam di daerah sakitarna. Salain dikurilingan alam anu elok/endah, candi ieu oge ngagaduhan kabiasaan adat anu kenteul.
Kanggo ka Candi Cangkuang,Pangujung kedah yebrang (Naek rakit) Situ Cangkuang heula. Candi ini terletak di Kampung Pulo,Kampung pulona oge nempatan Pulau Panjang anu aya di tengah Situ Cangkuang.
Pangaos Karcisna | |
Murangkalih | Rp5.000 |
Seupuh | Rp7.500 |
Pangunjung Mancanegara | Rp12.000 |
Parkir Motor | Rp3.000 |
Parkir Mobil | Rp5.000 |
Parkir Bus | Rp13.000 |
Karcis Rakit | Rp5.000 per orang |
Bukana Candi Cangkuang jam 08.00 – tutupna jam 16.00,Tiap pangujung biasana rombong bari beubeukelan meukeul timbel jeung sajabina,kusabab suasana anu endah,sareung lingkungan anu asri ngajadikeun pangunjung teh betah di wisata Candi Cangkuang .( Jajang Jamaludin)