Baitul Maal Masjid Riyatul Jannah Ngagalangkeun Pengumpulan Zakat

Baitul Maal Masjid Riyatul Jannah Perumahan Bunaken Manglayang Regency Ngagalangkeun donasi ( Pengumpulan Zakat mal,fitrah jeung sajabina)
Cileunyi, Sundanews – Baitiul Mal Masjid Riyatul Jannah, RW 26, Cluster Bunaken Manglayang Regency, Désa Cimekar, Kec. Cileunyi, Kabupatén Bandung, Nampi Shodakoh Sembako, uang tunéi, sarta alat – alat kasehatan ( Masker, Senitizer,sareung sajabina).
Nurutkeun Yudi, Ketua RT satempat di perumahan éta, bantuan dibagikeun bisa mangrupi sambako, artos tunéi, jeung alat-alat kesehatan anu bakal disalurkeun ka warga anu ka keunaan dampak covid-19 dari kalangan ékonomi lemah.
“Sadayana bantuan bapak, ibu dan saudara/saudari sadayana bakal langsung disalurkeun ka warga ti kalangan ékonomi kurang mampu anu keuna dampak covid-19,”ceuk Yudi.
Yudi ngahimbau ka sadayana ketua RT jeung pengurusna kanggo ngiring berpartisipasi ngasosialisasikeun program Donasi DKM Riyadtul Jannah.
Tahap 1 sembako dibagikeun ka 40 warga, tahap ka 2 kanggo 80 warga, salajeungna kanggo tahap 3 rencanana langkung ti 100 warga.
Yudi nambihkeun, sadayana warga anu kenging dampak covid 19 kedah kenging sembako.
” Mugi-mugi Program ieu tiasa ngajadikeun wadah kanggo anu ngabutuhkeun amal sodakoh jeung bisa ngaringankeun warga urang anu ngabutuhkeun, saur Yudi.
Dina Waktos ieu, tos ngempeul dana Bansos Peduli Masa Pandemi tahap 1, tahap 2 tanggal 5 Méi 2020 saageung Rp 2.442.000, ditambih dana donasi Baitul Mal Masjid Riyadtul Jannah Rp 1. 435.000.
” Kanggo tahap 3 bakal dibagikeun dina weungi Nujul Qur’an, ” saur Yudi, salah sahiji RT di perumahan éta.