Katua Déwan Ahli Bakomubin Optimis Éki Baihaki Meunang di Pilkada Kab. Sérang

Katua Déwan Pakar Badan Koordinasi Mubaligh Indonésia (Bakomubin) Banten, HMS Suhary, ngutarakeun pangharepanna bakal calon (balon) bupati Kabupatén Sérang bakal unggul dina Pilkada Kabupatén Sérang 2020.
Sérang, CakrabuanaNews.com – HMS. Suhary ngutarakeun pangharepanna anu lain akon-akon wungkul, manéhna (Eki) meunangkeun dukungan anu luas ti rupa-rupa kalangan. Dukungan éta datangna ti kalangan milénial, Kaluarga Besar Pelajar Islam Indonésia (KBPII) Banten, komunitas kaum ibu, komunitas sarjana Islam, komunitas Badan Koordinasi Mubaligh Indonésia (Bakomubin) Propinsi Banten, Komunitas Pemuda Islam Banten, jeng nu séjénna.
Anu numutkeun hasil survéy Rilis Data Indonésia (RDI) waktu dilaksanakeun dina priode 8 tepi 15 Pébruari katukang, dukungan ka Éki nunjukeun éléktabilitas ngunggulan Ratu Tatu Chasanah, balon petahana dina pamilihan kapala daérah (Pilkada) Kabupatén Sérang 2020.
Ku kanyataan ieu HMS Suhary ngutarakeun kayakinanna Éki Baihaki bakal unggul dina Pilkada Kabupatén Sérang 2020.
“Ku merhatoskeun kamajuanna anu aktip, simkuring yakin réhna Éki Baihaki bakal unggul dina pertarungan Pilkada Kabupatén Sérang,” ceuk HMS Suhary ka CakrabuanaNews.com.
Ngeunaan Éki Baihaki anu unggul dumasar hasil survéi, manéhna nyebutkeun réhna figur ATN (Ahmad Taufik Nuriman) anu ngajadikeun Éki Baihaki unggul. Kusabab dina waktu survéy masarakat kalolobaanna nanyakeun figur bapakna éta.
“Sahubungan anu diperhatikeun ku masarakat ngenaan calon figur ATN kabijakan tur pangwangunanna geus karasa sawaktu anjeuna ngajabat di Kabupatén Sérang, ku tiap kalangan nganiléy signipikan, tarutama di bagian wétan Kabupatén Sérang,” saurna.
Hasil survéy Rilis Data Indonesia (RDI) anu dilaksanakan dina priode 8 tepi 15 Pébruari katukang, Éki Baihaki nunjukeun éléktabilitas unggul ti Ratu Tatu Chasanah, balon petahana anu maju dina pilkada 2020. (adz)