Pépéling Ngalebetan Sasih Romadhon

Bismillah hi ALLAH HU AKBAR…
Allah Allah hu Robuna la Nusriku Bihi Saian…
Allah Huma Sholi Wasalim Wabarik ala Sayyidina Wa Maulana Muhammadin Rasulullah SAW wa ala Alihi…
Pangersa…
Mugia di dinten anu Mulia ieu…urang Sadaya di paparin mangrupi rupi kawilujengan,karidhoan sareng berkah mungguh ALLAH SWT… Amin ya rabbal Alamin…
Pangersa…
Sasalad nu namina virus, baksil, bakteri, mikroba..sareng sajabina…sadayana Éstu sujud sareng tunduk patuh ka mantena ALLAH SWT… mugia waé dina dumugi nagé ka urang Sadaya éta mahkluk…sanés ngajantenkeun balai keur urang sadayana tapi justru rahmat..kanggé ngageuing urang Sadaya..kanggé mulih deui ka kasajatina diri urang salaku mahkluk nu teu daya teu upaya, nu lemah kabina-bina lir ibarat rokrak di nyawaan..Éstu sagala rupina mungguh ALLAH SWT nu Sagala maha nu ngersakeun..
Pangersa…
Insha ALLAH…
satutasna cocobi…pasti bakal dongkap mangpirang pirang kanikmatan nu tan Wates wangena …mungguh ALLAH SWT… Rahayu Byakta Bagja Waluya.
Aamiin ya rabbal Alamin…
Pangersa…
Mung sakieu dunga dunga ti pun jisim
tawis Asih tawis Ajrih
tawis Heman tawis Deudeuh…
nyanggakeun salam simpay waruga Wargi…
Mugia pangersa …
Salamina Aya Dina lindungan, Ridho, sareng Ampunan ALLAH SWT… ogé aya dina kawilujengan, kasalametan, kasaéan, kabagjaan, kawaluyaan sareng karaharjaan…
Amin ya rabbal Alamin.. 3x
Allah huma Sholi Wasalim Wabarik ala Sayyidina Wa Maulana Muhammadin Rasulullah SAW wa ala Alihi…
La ilah ha ILALLAH Astagfirullah wali jamiil Muslimin wal Muslimat muminin wal muminat…
Rengkuh ta dzim pangersa. (arsan)