Chéchnya Gaduh Masjid Panggedéna Sa-Éropa, Diresmikeun Agustus 2019

Diadeugkeun dina lahan saluas 5,3 héktar, masjid megah anu nyampurkeun gaya arsitektur Arab, Pérsia, Asia Tengah, jeung Byzantium, hal ieu diaku salaku masjid anu panggedéna di Éropa.
Shali, Chechnya, SundaNews.net – Pamingpin Républik Chéchnya Ramzan Kadyrov ngaresmikeun Masjid Gordost Musulman (Kabanggaan Muslim) ummat Nabi Muhammad SAW, Dina poé Jum’ah 23 Agustus 2019.
Dileubah kota Shali (33 km di tenggara ibukota Chéchnya, Grozny), masjid anu diklaim salaku masjid panggedéna sa-Éropa éta mampuh nampung 30 rébu jama’ah di jeurona jeung 70 rébu di luar.
Éta hartina, masjid éta bisa nampung sakabéh panduduk kota Shali anu jumlahna sakitar 54.000 jiwa, tulis Rossiyskaya Gazéta, sakumaha nu dikutip Rusia Beyond.
Diadeugkeun dina lahan saluas 5,3 héktar, masjid megah éta ngabogaan kubah utama saluhuri 40 méter jeung opat manara masing-masing luhurna 63 méter.
Komposisi arsitektur masjid ieu maurkeun gaya Arab, Pérsia, Asia Tengah, jeung Byzantium. Samentara éta, boh éksterior atawa interior masjid dijieun tina marmer anu dibawa ti Pulau Thassos, Yunani — sarua jeung anu digunakeun di Masjidil Haram, Mekkah.
Pangwangunan masjid éta méakeun waktu tujuh taun, mimiti 2012. Sabeuneurna, pikeun pangwangunan masjid sageudé éta, tujuh taun kabilang singkat.
Dibukana masjid éta pas dina waktu ulang tahun présidén munggaran Républik Chéchnya, Ahmat-Haji Kadyrov. Présidén Rusia Vladimir Putin ngilu ngabagéakeun ka sakabéh warga Chéchnya anu ngaresmikeun Masjid Gordost Musulman.
“Panuntasan proyék megah anu luar biasa ieu mangrupakeun momén penting pikeun panduduk Shali jeung sakabéh Republik Chéchnya anu Muslim. Masjid anyar ieu bakal jadi pusat spiritual jeung pangajaran ummat muslim, pusat panyebaran niléi-niléi Islam anu sajati jeung abadi, sarta pusat kehirupan agama jeung budaya umat Islam di sakuliah wilayah éta.
Kuring yakin rehna masjid megah ieu, salah sahiji masjid anu panggedéna di Éropa, bakal ngabantu kaseubar luasna sajarah tur tradisi kaagamaan silsilah ummat Islam ka masarakat luar, utamana pikeun budak ngora, ngarah ngarakeutkeun perdaméan sarta kaharmonisan di tengah masarakat urang.
Kuring ngahareupkeun hideup kabéh saruksés,” pesen Présidén Putin, sakumaha anu dibacakeun ku utusan Présidén pikeun Distrik Fédéral Kaukasus Utara, Aléksander Matovnikov, salila upacara paresmian.
Numutkeun situs resmi Pamaréntah Républik Chéchnya, Rebo jalma karumpul dina upacara paresmian Masjid Gordost Musulman, kaasupkeun sakitar 300 an tamu ti 43 nagara, jeung leuwih ti 150 tamu asal Timur Tengah, Maroko, dan Uzbékistan.
Dina pidatona ka sakabéh hadirin, Pamingpin Républik Chéchnya Ramzan Kadyrov ngucapkeun kabungah nganuhunkeun kasakabéh pihak anu geus ngabantu pangwangunan masjid éta .
“Urang geus jadi tamu dina acara penting ieu, pangbukaan Masjid.
Desain masjid ieu bener-bener unik, samentara ukuran jeung kaéndahanna moal aya dua.
Di lain kesempeutan, Panaséhat Pamingpin Chéchnya Amruddi Édilgiriev, anu ngawas pangwangunan masjid-masjid di sakabéh républik éta, ngajelaskeun sababna masjid rancangan arsiték Uzbékistan Abdukahar Turdiev itu disebut Gordost Musulman.
“Sakabéh umat Islam bakal bangga ku bangunan megah ieu,” ucapna.
“Masjid ieu parantos leubet kana daftar tilu masjid pangéndahna saatos Masjidil Haram di Mekkah jeung Masjid Nabawi di Madinah,” tulis RIA Novosti, ngutip katerangan Edilgiriev.
Républik Chéchnya nyaéta salah sahiji féderal di Rusia, lain nagara misah sakumaha anu di sangka ku papada jalma. Sok sanajan statusna républik, Chéchnya mangrupakeun bagian ti Rusia atawa satara jeung provinsi di Indonésia. Leubahna di daérah Kaukasus Utara, mayoritas panduduk républik ieu agama Islam.