Berita Poto : Mikawanoh Langkung Caket Situ Cibuyut
Malangbong Garut, Sundanews.Net – Situ Cibuyut nyaéta hiji situ di dérah Garut Wétan anu katinggali tenang, bersih kalawan suasana alamna sejuk.
Situ Cibuyut anu alamatna di Lembur Cibuyut, Désa Lewo Baru, Kacamatan Malangbong, Kabupatén Garut. Manawi pikeun urang Garut, situ Cibut tos teu asing deui sanaos ngan ngadéngé saliwat tanpa uninga tempatna margi situ Cibuyut tempatna rada nyumput anu kalolobaan ngan dinikmati ku wargi satemoat.










