Sistem Pambalajaran Bimba Aiueo Tenjolaya Cicaléngka Di Tengah Pangaruh Covid-19

Cicaléngka,Sundanews – Virus corona (covid-19), pangaruh pisan kana dunya pendidikan jeung séktor
nu sanésna,di antawisna bimba Aiueo anu dikokolakeun Yayasana Pengembanagan Anak Indonesia (YPAI ), paratos nyiapkeun sistem pembelajaran kanggo di
bumi.
Pihak pamaréntah, khusunya Propinsi
Jawa Barat, ti mimiti
kaping 16 Maret dugi 27 tos Merékeun kagiatan diajar mimiti sakola TK, SD, SMP, SMA, SMK sarta Pondok Pasantrén, kajabi éta ogé Bimba Aiueo.
Sanaos kitu, Bimba Aiueo parantos ngagunakeun sistem pembelajaran di bumi kalawan
ngagunakeun modul anu disiapkeun ku pihak bimba pikeun digunakeun di bumi sewang-sewang anu diréndéngan ku sepuh.
Naha kedah direndengan sepuh? Margi kenging
ngagawekeun modul di bumi kedah
di setorkeun ka KU/motivator pikeun diévaluasi.
Patali perkawis ieu, kagiatan pembelajaran di bimba Aiueo Tenjolaya anu sateuacanna diliburkeun salila 2 minggon diperpanjang per kaping 28 Maret dugi 12 April 2020. Margi éta, sistem diajar dirobih ngagunakeun sistem zoom clud, kalawan google duo. Mugi-mugi jeung ayana parobahan
sistem ieu ngajadikeun motivasi diajar pikeun murangkalih di bumi.
Sualna sistem anu di terapkeun kaping 16 Maret
dugi 27 Maret, sepuh ngaraos hésé janten ngagantikeun motivator bimba aiueo di bumi. Anu ngaraoskeun pisan teh di antawisna mamah ciby ,
sumawonten murangkalih oge tos ngareluh ka sipuh-sepuhna, iraha sakola ka bimba dimimitian deui.
” Mudah-mudahan kalawan di perpanjangna
waktos peré, sistem diajar di bumi, ayena ti kaping 28 Maret dugi 12 April nganggo
sistem zoom clud sareng google duo ” , tutur KU sareng motivator Bimba Aiueo Tenjolaya, Ibu zahra
salaku KU nu diréndéngan Ibu Octavia sarta Ibu Siti Mas Ulpah. (Jajang Jamaludin)