Kagiatan Beberesih Alun-alun Cicaléngka

Cicaléngka,Sundanews.net – Minangka kapadulian ka kabersihan lingkungan, utamina alun-alun Cicaléngka anu teu acan lami ieu diresmikeun ku Bupati Bandung Dadang M. Maser. Muspika Cicaléngka sareng pamaréntah Désa Cicaléngka Kulon, Satpol PP unit Cicaléngka, Linmas Siaga, Linmas Periode Siap Désa, GSC sarta balaréa, ngalakukeun beberesih Alun Alun Cicaléngka.
Dina kasempatan ieu Kapala Désa Cicaléngka Kulon H. Déni Hamdani ngageuing ka balaréa Cicalengka, supados hirup bersih pikeun nyegah panyakit corona sareng ngajagi sarta ngarawat Alun Alun Cicaléngka supados tetep bersih.
” Kuring ngageuing ka balaéa Cicaléngka, sangkan hirup bersih pikeun nyegah panyakit corona sarta ngajagi Alun Alun Cicaléngka supados angger bersih , ” saur H. Deni.
Wargi Cicaléngka Kulon kasampak antusias dina ngiringan kagiatan kasebat. Kasampak puluhan wargi ngabantun parabot sepertos sapu nyéré sarta pengki sewang-sewang, nandakeun gedéna kapadulian balaréa haturan ngajagi kabersihan lingkungan di sakuriling alun-alun Cicaléngka.
Jabi ti éta gaduh tujuan ngajadikeun alun-alun kaayaana tetep bersih, kagiatan kasebat sakaligus boga tujuan nyegah corono anu ahir-ahir ieu népa ka balaréa.
H. Déni oge sacara teges mundut ka pihak Satpol-PP pikeun ngajagi kaamanan di lingkunga alun-alun supados tetep aman sarta tartib. (Jajang Jamaludin)