Lini Kakuatan 5 Skala Richter Oyag Tatar Sunda, Pusat Lini Aya Di Darat

PMagnitudo 5,0 Ngoyagkeun Tatar Sunda, Pusat Lini Aya Di Darat
Pusat lini aya di kajeroan 10 km belah wetan laut Kabupatén Sukabumi, ceuk BMKG
Warga Bogor ninggalkeun imah waktu lini nu kakuatan na 5.0 skala richter ngoyag kabupatén Sukabumi, jeung daérah-daérah sakurilngna, Salasa, poé kamari jam 17.18 WIB.
Badan Météorologi, Klimatologoi jeung Géofisika (BMKG) nerangkeun dina laman web na yén pusat lini aya di darat,13 km belah wetan laut Kabupatén Sukabumi.
“Pusat lini aya di kajeroan 10 km , ” ceuk BMKG,Salasa.
Lini, ceuk BMKG, teu boga potensi Tsunami.
Di Graha BNPB, goncangan éta karasa tepi 20 detik, ceuk kepala Pusat Data Informasi sarta Komunikasi Kabencanaan (Kapusdatinkom) BNPB Agus Wibowo.
Teu aya kapanikan jeung can aya laporan karusakan, ” cek Agus.