Nyérélékna poé

Nyérélékna cai ti girang ka hilir geus teu bisa diémboh deui, éta mangrupa katangtuan tinu Maha Kawasa.
Najan rupa rupa panghalang ngaumpra nyoba megatan tapi tetep banyu nguluyur ngajugjug muara.
Kitu ogé ngeunaan kahirupan geus jadi katangtuan bakal terus lumaku najan pabalatak pasoléngkrah rupana hahalang jeung cobaan.
Tetep hirup terus maju, teu bisa eureun komo balik deui atawa mundur…
Prak jalankeun kahirupan kalawan sabar tawekal jeung ulah poho muntang ka dzat anu nyiptakeun iyeu kahirupan…
Cag ah… Mugia urang aya dina panangtayunganNa
Aamiin