Ihlas Perkara Anu Sulit Dilakukeun

Bener… Hiji hal nu gampang di ucapkeun tapi susah dilaksanakeun.
Tapi naon salahna lamun ku urang dicoba??
Kadang aya ihtiar nu teu sasuai jeung kahayang
Aya usaha nu teu sapagodos jeung rencana
Aya léngkah capé nu teu kabayar mun ningali hasilna
Aya késang gedé nu teu sabanding jeung bebeunangana.
Lebah dinya pentingna IHLAS miggawé hiji perkara atawa narima kana katangtuana téh.
Sabab sing inget
“Sagedé gedé jalan ihtiar moal mampu ngadobrak témbok takdirna Pangéran
Koncina Ihlas ngan hiji, nyaéta :
“Tong waka ngaléngkah migawé hiji perkara mun haté can aya Allah”
Lurrr…. Hayu diajar babarengan.
Hayu Ihtiar saméméh tawakal.
Mugia Gusti Allah marengan disatiap léngkah nu ku urang bakal jeung enggeus disorang.