10 Naséhat KH Hasyim Asyari Ka Murid Anu Nungtut Élmu

Murid, kedah gaduh étika dina diajar. Boh étika guru sareng sasama murid.
Nanging, saurang murid ogé kedah gaduh étika ka dirina sorangan. Hadratusyeikh KH Hasyim Asyari dina kitabna nu judulna Adab al Alim wa al Muta’allim, ngarumuskeun 10 étika murid ka dirina. 10 étika nyaéta:
1. Murid kedah ngabersihan haté tina sagala hal anu ngagaduhan unsur tipuan, najis, ka kotoran haté , nyimpen dengdem, dengki, sareng karakter anu goréng. Hal ieu dilakukeun pikeun ngagampangkeun prosés narima élmu sareng pamahaman hartos anu sesah anu kasirat.
2. Murid kedah ningkatkeun niatna, nyaéta milari ridho Alloh SWT, sareng pikeun ngamalkenna sarta ngahirupkeun syaréat Islam. Murid nu nungtut élmu salaku salah sahiji cara ngadeketkeun diri ka Alloh Subhanahu wa ta’ala.
3. Murid kedah usaha sakuat tanagapikeun meunangkeun élmu meungpeung ngora kénéh jeung ngagunakeun nu saéna. Murid ulah nepi katipu jeug nunda-nunda diajar sareng lamunan loba teuing ngalamun. Sabab perjalanan hirup manusa teu mungkin diganti komo deu dibalikkeun deui.
4. Jalma anu milari pangaweruh kedahna nampi kalayan haté pinuh ikhlas (qanaah) sagala hal anu ditarima, boh tina bekel atawa pakéan.
5. Murid kudu bisa ngabagi waktu jeung ngagunakeun unggal kasempetan nu aya. Sedengkeun waktu pangsaéna pikeun murid yaéta:
– Sahur waktuna dianggo pikeun ngapalkeun.
– wanci énjing dipaké pikeun ngabahas pangajaran.
– Pasosoré waktos dianggo pikeun nyerat.
– Waktos wengi dianggo pikeun muthala’ah sareng nginget pelajaran.
6. Murid kedah ngirangan tuang sareng nginum. Kusabab, upami beuteun pinuh, hal ieu tiasa ngahalangan tina ngalakukeun ibadah sareng henteu puguh.
7. Murid kedah janten diri sorangan pikeun ngagaduhan sipat wira’i (ngajaga diri tina perbuatan anu tiasa ngarendahkeun diri).
8. Murid kedah heunteu ngalobaan tuang anu bakal nyababkeun kasusah dina nampi pelajaran sareng ngalemahkeu panca indra. Diantara nyaéta nginum cuka sareng katuangan anu nyababkeun seueur dahak.
9. Murid kedah ngabiasakeun diri ngurangan saré salami teu ngabalukarkeun bahaya pikeun dirina sareng haténa.
10. Kedahna jalma anu milari pangaweruh ngajauh ka pergaulan umum, sabab langkung hadé ngajauhan aranjeunna, hususna hubungan sareng lawan jinis. Sabab ieu bakal ngajantenkeun anjeunna seueur ulin jeung bakal ngaganggu pikiran.